Minggu, 14 Februari 2016

MINANTU PILOT

MINANTU PILOT - "Jodo pati bagja cilaka mah, anging Gusti anu nangtukeun. Alhamdulillah, pun anak anu bungsu pijodoeunana teh ka pilot," ceuk indung cucurut anu rada sombong nyarita ka baturna, basa leumpang bareng balik arisan.

"Nya alus milik we. Tapi abdi mah asa kurang percaya, ma enya aya pilot rek mileuheungkeun anak cucurut ?" ceuk baturna malik nanya.

"Ih, bisi teu percaya mah, apan ieu aya fotona. Enya, foto calon minantu anu pilot tea," ceuk indung cucurut anu sombong tea semu agul. Kusiwel nyokot foto tina loketna, song dibikeun ka babaturanana sina diilikan.

"Ieu mah lain pilot atuh, tapi lalay badot !" ceuk baturna bari seuri.

Terima kasih sudah membaca di Blog Saya ......!!!!!!!

LAIN BACAEUN BARUDAK

LAIN BACAEUN BARUDAK - Peserta seminar kulawarga harmonis ngayakeun kunjungan ka peternkan sapi di tapos. Salasaurang pemandu di Tapos netelakeun yen sapi-sapi anu aya didinya teh sararehat jeung kararuat deuih. "Bapa sareng ibu, ieu sapi ti new Zealand,kuat pisan, dina sadintena tiasa lima kali ngayakeun hubungan sareng sapi bikang" ceuk pemandu.

"Tuh,pa,lima kali sadinten. Tiasa henteu?" ceuk hiji ibi bari nyigeung salakina. "Bapa sareng Ibu,upami ieu sapi Ustrali, langkung kiat deui, sadintena teh tiasa 10 kali!" ceuk pemandu.
"Tuh pa,10 kali! bayangkeun geura!" ceuk si ibu deui bari nyigeung salakina leuwih tarik.
Salakina asa kapanasan,pok nanya ka si pemandu, "Punteun,pa dupi eta anu 10 kali teh jeung bikangna anu eta-eta keneh?".
"Nya bikangna mah benten2 atuh!" tembl si pemandu.
"Tuh bu, 10 kali teh benten2 pasangana!" ceuk salakina si ibu jamedud.


Terima kasih sudah membaca di Blog Saya ......!!!!!!!

PANGALAMAN DI JEPANG

PANGALAMAN DI JEPANG - Si Juhér geus lila cicing di Jepang, minangka pakasabanana téh kana dagang és goyobod. Hiji poé, manéhna jalan-jalan ka salasahiji toko éléktronik kawentar, manéhna kabitaeun nempo aya robot nu bisa ngadetéksi nu ngabohong. Mun aya jalma ngabohong, Si Robot bakal otomatis nampiling éta jalma, cenah. Sanggeus nawar, bari jeung barter maké bakiak katut calana pangsi, ahirna éta robot téh meunang dibawa. Maksudna mah jang oléh-oléh lamun manéhna balik ka kampungna di Indonésia, Cibetok.Kacaritakeun, usum liburan manéhna balik ka Indonésia. Geus teu sabar, dina hiji peuting, di ruang tamu manéhna nyobaan kaampuh éta robot ka Si Acéng, anakna, nu karék jol tengah peuting.Juhér: "Balik téh peuting-peuting teuing Jang. Geus ti mana ilaing?"Aceng: "Tos diajar matématika di imah Si Junéd."Plak! Éta si robot langsung nampiling Si Acéng.Juhér: “Tong bohong siah. Bapa geus boga robot nu bakal nampiling ilaing mun ilaing ngabohong! Jawab nu bener!”Acéng: "No ... no ... nongton pilem Pa!"Juhér: "Pilem nanahaon?"Acéng: "Pilm perang...."Plak! Sakali deui si Acéng ditampiling ku si Robot..Juhér : "Tah, siah rasakeun! Nu jujur matak ogé mun ditanya ku Bapa téh!"Acéng: "E... enya pilem porno Pa!”Juhér: "Hah? Dasar silaing mah Sujang, euweuh kaéra! Awas mun deui-deui! Bapa waé baheula tara nempo pilem porno basa saumuran ilaing téh!"Plak! Si Robot ujug-ujug nampiling pipi Si Juhér.“Puas tah Si Bapa... kanyahoan!” ceuk Si Acéng ngegerendeng jero haté.Ngadéngé sora ribut-ribut di ruang tamu, Ceu Mimin pamajikan Si Juher kaluar bari kerung bingung nempo beungeut anakna geuneuk urut nampilingan.Mimin: "Aya naon ieu téh Akang? Ulah kamalinaan kitu atuh ka budak téh! Burung palung bodo gélo ogé apanan éta téh budak Akang!"Plak! Giliran Ceu Mimin anu ditampiling ku Si Robot!Juhér: “Siaaahhhh...! Kuya bikaaangngng..!”

Terima kasih sudah membaca di Blog Saya ......!!!!!!!

Minggu, 31 Januari 2016

ENTIS TERORIS

ENTIS TERORIS - Si Entis ditewak ku pulisi gara2 di sangka teroris, tuluy diasupkeun ka panjara.
Hiji waktu si Entis narima surat ti bapana:
"Tis bapa teh geus kolot, ayeuna tereh usum melak jagong deuih, maneh kalakah cicing di panjara, kumaha atuh euweuh maneh mah moal aya nu mantuan bapa macul di kebon..."
Si Entis ngabales surat:
"Pa, kebon ulah waka dipaculan atawa dipelakan jagong. Soalna uing ngaruang sanjata jeung pelorna di kebon eta pa...."
Singhoreng, surat balesan ti si Entis ku petugas panjara disensor, atuh langsung dibéjakeun ka tim Densus 88.
Isukna, datang sapeleton Densus 88 ka imah bapana si Entis, teu loba omong deui langsung kabéh kebon dipaculan nepikeun sapoe jeput.
Sorena sanggeus tim Dénsus 88 baralik, bapa si Entis ngirim surat:
"Tis tadi aya tim Densus 88 cenah mah neangan bedil maneh nu di kebon, tapi teu kapanggih, bapa ayeuna kudu kumaha ???"
Si Entis ngabales suratna:
"Pa, pan Densus 88 geus mangmaculkeun kebon bapa, sok ayeuna mah pelakkeun jagongna..."
Petugas rutan nu nyensor deui suratna langsung ngagorowok, "Gélooo siah Entiiiiissss....aing katipu ku si Entis, boro-boro bisa naek pangkat aing !!!!"


Terima kasih sudah membaca di Blog Saya ......!!!!!!!