Minggu, 14 Februari 2016

PANGALAMAN DI JEPANG

PANGALAMAN DI JEPANG - Si Juhér geus lila cicing di Jepang, minangka pakasabanana téh kana dagang és goyobod. Hiji poé, manéhna jalan-jalan ka salasahiji toko éléktronik kawentar, manéhna kabitaeun nempo aya robot nu bisa ngadetéksi nu ngabohong. Mun aya jalma ngabohong, Si Robot bakal otomatis nampiling éta jalma, cenah. Sanggeus nawar, bari jeung barter maké bakiak katut calana pangsi, ahirna éta robot téh meunang dibawa. Maksudna mah jang oléh-oléh lamun manéhna balik ka kampungna di Indonésia, Cibetok.Kacaritakeun, usum liburan manéhna balik ka Indonésia. Geus teu sabar, dina hiji peuting, di ruang tamu manéhna nyobaan kaampuh éta robot ka Si Acéng, anakna, nu karék jol tengah peuting.Juhér: "Balik téh peuting-peuting teuing Jang. Geus ti mana ilaing?"Aceng: "Tos diajar matématika di imah Si Junéd."Plak! Éta si robot langsung nampiling Si Acéng.Juhér: “Tong bohong siah. Bapa geus boga robot nu bakal nampiling ilaing mun ilaing ngabohong! Jawab nu bener!”Acéng: "No ... no ... nongton pilem Pa!"Juhér: "Pilem nanahaon?"Acéng: "Pilm perang...."Plak! Sakali deui si Acéng ditampiling ku si Robot..Juhér : "Tah, siah rasakeun! Nu jujur matak ogé mun ditanya ku Bapa téh!"Acéng: "E... enya pilem porno Pa!”Juhér: "Hah? Dasar silaing mah Sujang, euweuh kaéra! Awas mun deui-deui! Bapa waé baheula tara nempo pilem porno basa saumuran ilaing téh!"Plak! Si Robot ujug-ujug nampiling pipi Si Juhér.“Puas tah Si Bapa... kanyahoan!” ceuk Si Acéng ngegerendeng jero haté.Ngadéngé sora ribut-ribut di ruang tamu, Ceu Mimin pamajikan Si Juher kaluar bari kerung bingung nempo beungeut anakna geuneuk urut nampilingan.Mimin: "Aya naon ieu téh Akang? Ulah kamalinaan kitu atuh ka budak téh! Burung palung bodo gélo ogé apanan éta téh budak Akang!"Plak! Giliran Ceu Mimin anu ditampiling ku Si Robot!Juhér: “Siaaahhhh...! Kuya bikaaangngng..!”

Terima kasih sudah membaca di Blog Saya ......!!!!!!!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar