Minggu, 31 Januari 2016

ENTIS TERORIS

ENTIS TERORIS - Si Entis ditewak ku pulisi gara2 di sangka teroris, tuluy diasupkeun ka panjara.
Hiji waktu si Entis narima surat ti bapana:
"Tis bapa teh geus kolot, ayeuna tereh usum melak jagong deuih, maneh kalakah cicing di panjara, kumaha atuh euweuh maneh mah moal aya nu mantuan bapa macul di kebon..."
Si Entis ngabales surat:
"Pa, kebon ulah waka dipaculan atawa dipelakan jagong. Soalna uing ngaruang sanjata jeung pelorna di kebon eta pa...."
Singhoreng, surat balesan ti si Entis ku petugas panjara disensor, atuh langsung dibéjakeun ka tim Densus 88.
Isukna, datang sapeleton Densus 88 ka imah bapana si Entis, teu loba omong deui langsung kabéh kebon dipaculan nepikeun sapoe jeput.
Sorena sanggeus tim Dénsus 88 baralik, bapa si Entis ngirim surat:
"Tis tadi aya tim Densus 88 cenah mah neangan bedil maneh nu di kebon, tapi teu kapanggih, bapa ayeuna kudu kumaha ???"
Si Entis ngabales suratna:
"Pa, pan Densus 88 geus mangmaculkeun kebon bapa, sok ayeuna mah pelakkeun jagongna..."
Petugas rutan nu nyensor deui suratna langsung ngagorowok, "Gélooo siah Entiiiiissss....aing katipu ku si Entis, boro-boro bisa naek pangkat aing !!!!"


Terima kasih sudah membaca di Blog Saya ......!!!!!!!

3 komentar: